Sony Xperia XA - NFC

background image

NFC

Pake Near Field Communications (NFC-Komunikasi Widang Caket) pikeun ngabagi data

sareng alat nu sejen, kawas video, poto, alamat kaca web, payil musik atawa kontak.

Anjeun oge tiasa make NFC pikeun nyeken tag nu mere inpo nu langkung lengkep

ngeunaan produk atawa laden jeung tag nu ngaktipkeun pungsi nu tangtu dina alat

anjeun.
NFC teh mangrupakeun teknologi nirkabel nu jarak maksimumna hiji centimeter, jadi alat

nu babagi data kudu pacaket-caket. Samemeh make NFC, aktipkeun heula pungsi NFC,

tur layar alat anjeun kudu aktip.

NFC bisa jadi teu sadia di sadaya nagara jeung/atawa kawasan.

Pikeun ngahurungkeun pungsi NFC

1

Tina Layar Utama anjeun, ketok .

2

Teangan terus ketok

Setelan > Deui.

3

Ketok saklar on-off di gigireun

NFC.

Pikeun ngabagikeun kontak ka alat sejen nganggo NFC

1

Pastikeun yen kadua alat eta gaduh pungsi NFC nu dihurungkeun, tur kadua

layarna aktif.

2

Jang ningali kontak, buka Layar Utama Anjeun, ketok , terus ketok .

3

Ketok kontak anu Anjeun hoyong bagikeun.

4

Cepeng alat anjeung jeung alat nu narima patukang tukang sangkan wewengkon

deteksi NFC di unggal alat silih toel. Upami alat nyambung, gambar leutik kontak

bakal nembongan.

5

Ketok gambar leutik eta pikeun mimitian nransper.

6

Sawaktos transper rengse, inpo kontak dipintonkeun di layar alat panarima tur oge

disimpen dina alat panarima.

Babagi payil musik jeung alat nu sejen make NFC

1

Pastikeun yen alat anjeun jeung alat nu narima geus ngaktipkeun pungsi NFC,

sareng yen layar duanana aktip.

2

Pikeun muka aplikasi Musik, ketok , teras panggihan jeung ketok .

3

Pilih kategori musik tur kotektak ka lagu nu hayang dibagikeun ku anjeun.

4

Ketok lagu jang muter eta lagu. Anjeun tiasa ngetok pikeun ngareureuhkeun

lagu. Transper tetep jalan sanajan lagu diputer atawa direureuhkeun.

5

Tahan alat Anjeun jeung alat nu narimana patukang tukang sangkan wewengkon

deteksi NFC di unggal alat silih toel. Upami alat nyambung, gambar leutik lagu

bakal nembongan.

6

Ketok gambar leutik eta pikeun mimitian nransper.

7

Lamun transper geus rengse, payil musik langsung diputer di alat nu nampi. Di

waktu nu barengan, payil disimpen di alat nu narima.

122

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Pikeun ngabagikeun poto atawa video ka alat sejen nganggo NFC

1

Pastikeun yen kadua alat eta gaduh pungsi NFC nu dihurungkeun, tur kadua

layarna aktif.

2

Pikeun nempo poto sareng video dina alat Anjeun, buka Layar Utama Anjeun,

ketok , teras panggihan tur ketok

Albeum.

3

Ketok poto atawa video nu Anjeun hoyong bagikeun.

4

Cepeng alat anjeung jeung alat nu narima patukang tukang sangkan wewengkon

deteksi NFC di unggal alat silih toel. Upami alat nyambung, gambar leutik lagu

bakal nembongan.

5

Ketok gambar leutik eta pikeun mimitian nransper.

6

Sawaktos transper rengse, poto atawa video dipintonkeun dina layar alat

panarima. Di waktos nu barengan, item eta disimpen di alat panarima.

Pikeun ngabagikeun alamat web ka alat sejen nganggo NFC

1

Pastikeun yen kadua alat eta gaduh pungsi NFC nu dihurungkeun, tur kadua

layarna aktif.

2

Ti Layar Utama, ketok .

3

Pikeun muka pangotektak web, panggihan tur ketok .

4

Muat kaca web nu Anjeun hoyong bagikeun.

5

Cepeng alat anjeung jeung alat nu narima patukang tukang sangkan wewengkon

deteksi NFC di unggal alat silih toel. Upami alat nyambung, gambar leutik

nembongan.

6

Ketok gambar leutik eta pikeun mimitian nransper.

7

Sawaktos transper rengse, kaca web eta dipintonkeun dina layar alat panarima.

Nyeken tag NFC

Alat Anjeun tiasa nyeken sababaraha jenis tag NFC. Contona, alat eta bisa nyeken tag nu

ditempelkeun ka poster, dina iklan billboard, atawa di sisi produk nu aya di toko ritel.

Anjeun tiasa nampa inpo tambihan, contona alamat web.

Pikeun nyeken tag NFC

1

Pastikeun yen alat Anjeun gaduh pungsi NFC nu dihurungkeun tur nu layarna aktif.

2

Teundeun alat Anjeun di luhureun tag supados wewengkon deteksi NFC telepon

tiasa noel tag eta. Alat Anjeun nyeken tag tur nampilkeun eusi nu dikumpulkeun.

Ketok eusi tag pikeun mukakeunana.

Nyambungken alat nu cocog sareng NFC

Anjeun tiasa nyambungkeun alat Anjeun ka alat nu cocog sareng NFC sejenna nu dijieun

ku Sony, sapertos speaker atawa headphone. Basa nyieun jinis sambungan ieu, tingal ka

buku pituduh ti alat nu cocog eta kanggo inpo nu lain.

Anjeun kudu gaduh Wi-Fi atawa Bluetooth® nu diaktipkeun dina kadua alat eta supados

sambungan tiasa berpungsi.