Sony Xperia XA - Setelan kamera video

background image

Setelan kamera video

Pikeun nyaluyukeun setelan kamera video

1

Aktipkeun kamera.

2

Gesek ka

.

3

Pikeun mintonkeun setelan, ketok .

4

Pilih setelan nu Anjeun hoyong saluyukeun, teras jieun perobahan Anjeun.

Tinjauan setelan kamera video

Pilihan pamandangan

Fitur Pilihan Pamandangan mantuan anjeun nyetel gancang kamera kanggo kaayaan

umum nganggo pamandangan video nu geus diprogram. Unggal setelan pamandangan

dirancang pikeun ngahasilkeun video kualitas pangsaena nu tiasa dijieun dina lingkungan

rekaman nu spesifik.

Pareum

Fitur Pilihan pamandangan pareum tur Anjeun bisa ngarekam video sacara manual.

Motret lembut

Pake kanggo shooting video di latar tukang nu lembut.

Lansekap

Pake kanggo video lansekap. Kamera mokuskeun ka objek nu jauh.

Pamandangan peuting

Waktu diaktipkeun, sensitipitas cahya ditingkatkeun. Pake dina kondisi cahya nu kirang caang. Video

objek nu keur ngolebat bisa jadi kabur. Tahan leungeun Anjeun sing ajeg, atawa pake pangrojong.

Pareuman setelan peuting lamun kondisi cahaya caang, pikeun ngaalusan kualitas video.

Basisir

Gunakeun jang video pamandangan sisi laut atawa sisi situ.

Salju

Pake dina lingkungan nu caang pikeun nyegah hasil video caang teuing.

Olahraga

Pake kanggo ngarekam video objek nu keur ngolebat gancang. Waktos paparan pondok

ngaminimalkeun gambar nu kabur.

Hajatan

Pake kanggo video di jero ruangan dina lingkungan nu kirang caang. Pamandangan ieu nyandak

pencahayaan latar tukang di jero ruangan atawa cahaya lilin. Video objek nu keur ngolebat bisa jadi

kabur. Tahan leungeun Anjeun sing ajeg, atawa pake pangrojong.

Video HDR

Pake setelan video HDR (High-Dynamic Range / Kisaran Dinamik-Gede) pikeun

ngarekam video ngalawan cahya tukang nu caang pisan atawa di kondisi di mana

kontrasna tajam pisan. Video HDR mere kompensasi kanggo wincik nu leungit sareng

ngahasilkeun gambar nu ngawakilan wewengkon nu poek sareng nu caang.

Resolusi video

Saluyukeun resolusi video kanggo pormat nu beda-beda.

HD Pinuh (30 fps)

1920×1080(16:9)

Pormat Full HD (Depinisi Gede Full) sareng 30 fps jeung perbandingan aspek 16:9.

HD

1280×720(16:9)

Pormat HD (Definisi Luhur) sareng perbandingan aspek 16:9.

108

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

VGA

640×480(4:3)

Pormat VGA sareng perbandingan aspek 4:3.

MMS

Rekam video nu cocog kanggo dikirim dina talatah multimedia. Waktu ngarekam pormat video ieu diwatesan

supados fayil videona tiasa pas dina talatah multimedia.

Pelacakan objek

Upami anjeun milih objék ku cara noel dina tempo heula, kaméra ngalacak objék éta

kanggo anjeun.

Smile Shutter™(video)

Pake pungsi Smile Shutter™ pikeun nangtukeun jinis keom nu kumaha nu bakal dipake

kamera sateuacan ngarekam video..

SteadyShot™

Sawaktos ngarekam video, nyekel alat sing ajeg hese dilampahkeun. Pangajeg mantuan

anjeun ku cara nahan gideg leungeun nu panglaunna.

109

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.